Saturday, August 02, 2008

Carpon: Beger Mindo Kabelejog

Carpon lainnya, yang dikirim
http://galuh-purba.com/beger-mindo-kabelejog/

Beger Mindo Kabelejog

            Halimun nutupan biwir gunung. Sakapeung sok ngeleyed ingkah, siga kapas katiup angin. Karasa siga ngagupay. Leuweung di gigir jurang, rehe combrek. Sarupaning tatangkalan ngadon geuneuk matak keueung, Kuring ngancingkeun risleting jaket, ngusir katiris nu nyecep kana sungsum. Baju karasa jibrug. Sapatu karasa belok nincak leutak, nu karak kabanjur hujan. Rada ngagibrig awak katirisan, tapi dikuat-kuatkeun.

            Teu sapira jarak,  di tegal mah sakitar 15 urang jelema—opat di antawisna wanoja—keur maceuh kokorondangan. Kuring nyerengeh na hate. Da beungeut mah angger diserem-seremkeun, meh siga rada galak katinggalina. “Sok terus, tong epes meer!. Pira ge ngarondang sakitu,” ceuk kuring mairan piriwit instruktur nu keur marentah maranehna.

            Harita teh poe katilu, kuring jeung rombongan aya di salah sahiji gawir Gunung Gede. Bedul teh! asa geus lain waktuna kuring meakeun waktu di leuweung model kieu teh. Geus ampir belasan taun katukang ninggalkeun karesep nyungcruk gunung, ngamprak leuweung teh. Baheula mah da tibatan kuliah di kampus mah, kalahka hantem liar ka mana-mana. Unggal gunung atawa leuweung sok rajin didatangan. Ceuk paribasa, kuliah mah kari motokopi  bahan ti babaturan nu rajin. Atuh, mun kuis ge mendingan niron. Ceuk pamikir, kuliah ge euweuh nu aneh. Unggal jelema ngan ngungudag nilei, lain nyileuman hakekat hirup. Beda jeung karesep kuring nu sok ngadon marawanan leuweung, gunung atawa pasisir. Nya karasa pisan, alam teh guru nu euweuh duana. Sagala kaarifan aya di manehna. Sakapeung mun ngagoler tengah peuting: karasa pisan urang teh lain sasaha. Teu sausap-usap ibun acan. Di luhur langin nembrak, ting karetip saukur nyoretkeun kawasa Gusti.

            “Tos beres, kang! Kumaha barudak teh, rek dipiwarang istirahat heula?” ceuk si Deni. Kuring ngarenjag. Lamunan jaman kuliah teh siga disihir leungit saharita.

            “Enyalah, karunya. Geus rek maghrib, Taritah bebersih we heula,” ceuk kuring. Teuing meureun pedah nyaraho gunung jeung leuweung teh kaulinan kuring keur ngora, nya kantor nitah kuring jadi penanggungjawab outbound karyawan anyar. Kabehna aya 15 urang, awewe opatan. Ceuk istilah gayana tea mah, kuring teh jadi Komandan Lapangan. Nya kuring pisan, ceuk paribasana mah, nu ngabodashideungkeun karyawan anyar teh. Tiap karyawan anyar di kantor kuring mah memang kudu ngalaman diaduglajerkeun di wacana outbound. “Meh kompak, meh tahan banting, meh solider jeung siap sagala tantangan,” ceuk pimpinan di kantor, nu kebeneran boga karesep sarua jeung kuring. Nya di sela-sela istirahat, atawa bada isya biasana mah karyawan anyar teh dikumpulkeun, diajak diskusi, jeung lalaunan ngasupkeun “visi jeung misi” parusahaan kuring.

            Dibantuan ku barudak mahasiswa hiji paguron luhur, kuring ngahaja milih eta lokasi. Ngahaja, make mahasiswa da mun ngahaja nyewa lembaga outbound mah biayana mahal. Usul kuring ka kantor sangkan make mahasiswa keur acara-acara outbond teh langsung ditarima. Padahal kuring ge ngahaja make mahasiswa ti kampus kuring baheula. Lumayan, buruhna keur nambah-nambah duit saku maranehna. Geus apal ka modal barudak resep leuleuweungan mah: cekak. Ngan modal legeg, bari jeung dompet mah senen kemis. Keur dahar mah cukup nyatet dina buku bon warung dahar deukeut kampus. Ke mun kiriman datang ti lembur, karak mayar hutang ka warung dahar teh..

            Nya pamajikan ge di imah geus, biasa mun kana tugas kuring ti kantor teh.

            “Ati-ati kang.. geus lain jamana. Tong motah teuing,” ceuk indung barudak bari seuri. Manehna mah sok ngahaja ocon. Kadang-kadang mah sok nangtang, cik cenah push-up bari ngakod si cikal bisa teu? Geus apal, apan keur jaman bobogohan jeung manehna mah, rangsel karak 30 kg di tonggong mah teu karasa nanaon. Push up

 

make ramo ge asa heureuy. Ari dioconan kitu mah, kuring sok nitah si Cikal nu meujeuhna bangor, kelas 1 SD, titah naek kana tonggong. Ari maksud mah ngagaya rek push up bari ngakod budak… tungtungna mah kalah mumundingan. Mun geus kitu mah pamajikan sok ngekey seuri. Keun cenah meh Akang sadar, geus umuran. Budak geus dua, nu bungsu karek asup ka TK taun kamari.

XXX

            Ngarana ge mata lalaki. Carita basi.

            Sok biasa, najan geus buntutan dua ge ari ningali wanoja mah sok rada mureleng mata teh. “Tong cunihin, era ku barudak,” biasana pamajikan sok ngingetan. Boh keur nyetir, atawa jalan-jalan di mal mun ninggali wanoja herang teh sok molotot. Siga ucing garong ninggali pais lauk.Geus apal jikan  mah, sababaraha kali dibaeudan ku babaturan awewe kuring. Naha judes babaturan teh ka abdi, kunaon nya kang,” biasana mah. Kuring biasana nyerengeh, “Maklum, manehna baheula bogoheun ka akang,”. Mun kitu mah biasana si geulis teh imut ngagelenyu, “Benten, pria idaman mah,” cenah.

            Geus tabeat meureun. Untungna pamajikan teh rada surti. Tara ngajak cekcok, biasana mah ngan ukur ngingetan mun katingali kuring siga beger teh. Ceuk manehna, saumur kuring mah biasa deui beger mindo. “Dina istilah psikologina mah apan umur urang teh nu disebat middle age crisis tea Kang,” Cenah, ceuk manehna deui, tah dina saumur kuring oge terus pegatna laki rabi diuji. Matakan, loba jelema papirak dina umur-umur 40-50 tahun. Saharita, si lalaki biasana keur meujeuhna mapan. Pagawean alus kalawan gaji lumayan. Mobil, imah boga. Awak keur meujeuhna kondisi puncak. (Komo awak model kuring mah da kajeun teu pati beurat model jaman ngora, ari fisik mah angger diingu. Saminggu opat kali sok rajin ka pusat kabugaran. Poe Sabtu Minggu ngahaja maen tenes di komplek jeung tatangga.)

            Tah sabalikna, di pihak awewe. Loba pisan wanoja nu ngincer-ngincer batur hirup model kuring: gawe mapan, gaji gede, imah jeung mobil ge aya. Lain soal materalistis, tapi da hirup jaman kiwari mah teu cukup saukur ngandelkeun cinta mah. “Mangga tuang tah cinta, beuteung kukulibekan mah” biasana kuring ngaheureuyan batur nu masih ngandelkeun saukur cinta keur neangan pamajikan. Komo apal meureun di kota gede mah, loba pisan awewe nu mere lampu hejo ka lalaki model kuring mah. “Moal atuh Bu. Enya era ku si Aa jeung Si Teteh.. Komo ku emana mah, moal aya duana di dunya,” kuring sok nembalan mun pamajikan ngingetan puber kadua teh.

            Tapi omongan kitu teh, ngan ukur di biwir kuring. Kaandel salila baseuh biwir. Geus garing mah, komo tonggongeun pamajikan mah, rumasa kalakuan teh purunyus.

            “Reseplah ninggal Erna teh. Trangginas, sigana mah mun teras didamel bareng akang bakal enggal naek karirna,” ceuk kuring, wanci istirahat program outbound ka Erna, salah sahiji karyawan anyar nu ngiluan program outbound tea. Ari nu diajak ngobrol, ngagelenyu maledog seuri. Biasa, di sela-sela istirahat, kuring jeung instruktur lainna biasana ngajak karyawan anyar ngobrol ngaler ngidul.

            Ari inget dedeg pamadagna Erna, matak sare hese reup, dahar hese am lalaki nu nenjo. Jangkung ngalempay, rambut sabahu. Biwir beureum semu baseuh. Kulit mah hejo carulang. Panon mencrang matak serab. Komo palebah dada mah matak sesek napas jelema nu pikirana kiruh. Teu cukup kitu, kayungyun Erna mah. Geulis campernik, tapi pinter jeung someah. Sok matak betah nu diajak ngobrol. Sok matak guligah hate nu bungah.

            Teu pira, saminggu balik deui ka kasibukan kantor. Outbound teh beres. Kuring asa raket bae jeung Erna teh. Sakapeung janjian ngadon dahar bareng. Najan hiji pausahaan da divisina mah lain. Jadi tara pati mending papanggih jeung manehna. Mun teu nelepon, kuring sok nga-SMS manehna. “Tuh bulan, buleud nyongcorang. Mangga tepang hate akang di awang-awang,”ceuk hiji SMS kuring ka manehna. Mun peuting sok susulumputan ti pamajikan ngirim SMS. Ngahaja sok make kata-kata siga sajak, atawa puisi nu sabanerna mah ngarayu. Heuheuy deudeuh, rarasaaan teh siga budak keur diajar bobogohan wae. Hate the sok asa ngapung mun manehna males SMS kuring. “Kang, guligah rasa hese sare…” cenah. Digero Akang teh, hate sok ngagereteg. Padahal meureun Erna the hese sare sabab loba reungit atawa hareudang. Nya mun keur muka internet, sok ngahaja ngoconan manehna bari chatting tea. Sakapeung mah omongan teh sok mipir-mipir cunihin, ngajak-ngajak nu teu uni.

            Duka ngalayanan kuring atawa Erna teh awewe pipujieun embung nganyerikeun hate batur. Boh kuring telepon atawa SMS teu weleh dijawab. Bahasana tara garihal, tetap handap asor. Nadana nyobat pisan, matak kuring kabungbulengan.

            Peuting ieu kuring rek balaka ka pamajikan. Beungeut asa tilelep kana leutak. Euwuh rupana, beak ku era paradah. Tadi sore saacan bubaran kantor kuring digero pimpinan. “Gancang ka ruangan kuring, Wan. Ieu aya salaki Erna. Aya masalah nu kedah dibereskeun cenah jeung Pak Wawan,” ceunah. Kuring ngagebeg: kutan Erna geus laki rabi.. SMS kuring di henpon Erna katohyan dibaca ku salakina. (agushermawan)

 

           

 

           

 


Carpon: Kabengbat di Serambi Mekah

Ini cerita pendek abah yang dapet "Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008
(http://galuh-purba.com/kabengbat-di-serambi-mekah-2/)

Kabengbat di Serambi Mekah

Karek leupas ti parapatan Gegerkalong, pas SMS henpon kuring disada teh. “Sgr hub ktr, penting!” ceuk SMS  teh. Keur jalma nu gawena model kuring mah—tukang udar-ider— asa teu aneh meunang SMS kitu teh. Nya teu aneh oge, mun kuring teu pati malire pesen model kitu teh. 

            Pamajikan nu diuk di gigireun kuring, mairan. “Rek dipangmaoskeun moal?” cenah. Leungeu manehna nu lentik  rek ngaraih henpon. Dua budak kuring—hiji jalu umur dalapan taun nu kasep siga bapaknya, nu bungsu awewe lima taunoge alhamdulillah siga indungna—keur ocon di bangku tengan. “Keun we antep,” ceuk kuring. Leungeun mah angger waspada nyepeng stir. Usum pere di Bandung ayeuna mah, da macetna kabina-bina. Eta teh SMS katilu kalina ti kantor. “Kawas euweuh deui jelema, keur cuti ge dibeberik kantor,” ceuk kuring.

            Pamajikan mah imut gelenyu. “Har.. da tugas mah kawajiban atuh,” cenah halimpu. Resep boga pamajikan teh. Tara wani muka SMS mun teu diijinan ku kuring mah. Beda jeung batur, cenah mah, pamajikana sok ngintip SMS salakina. Teu jarang, maranehna salaki pamajikan the parasea ku sabab eusi SMS nu matak pitumburueun.

            Harita teh pas liburan barudak semesteran. Nya, kuring maksakeun cuti rek maturan barudak jeung indungna ngisi liburan. Enya, maksa dan rada hese rek nyokot cuti kantor the. Penting-penting teuing mah heunteu, posisi di kantor teh. Ngan nyaeta, sok ngelehan ka batur nu rek cuti. Ari rek maksakeun cuti karunya ka wakil kuring katempuhan  pagawean kuring. Nya kusabab geus lila barudak nagih hanyang jalan-jalan ka Bandung kuring akhirna maksakeun cuti. Teu kamamana da barudak teh resepna ulin ka Bandung. Meureun “korban iklan” bapakna nu meakeun umur ngorana nepi ka kuliah jeung ngoleksi kabogoh di kota eta.

Harita sore teh karek balik nyaba tik  Gunung Tangkuban Parahu, nu beuki pakusut pamandangana kunu dagang ayeuna. Isuk-isukna ngadon ngojay cihaneut di Ciater. Kamari karek ti Kawah Putih jeung Ranca Upas Ciwidey. Resep ningali barudak jeung indungna nu gumbira kahayangna liburan jeung kuring kacumponan. Kajeun aya dulur ge di Cililin, ngahaja ngadon ngendong di hotel we di Bandung.

Teu lila, henpon kuring ngajerit. Kuring ngaleret nomerna. Nomer kantor. “Angkat atuh, bisi penting,” ceuk pamajikan ngingetkeun. Nya kuring ahirna ngelehan. Henpon teh diangkat. Bedul teh! Bener we, ti ujung telepon pimpinan kantor jojorowokan. Naha cenah di-SMS teu dijawab, keur di mana, naha cuti teh lila-lila teuing, keur usum naon di Bandung, tong poho mangmeulikeun kaos di FO. Nya tungtuna mah. “Cik ka Aceh deuilah. Urang rek nyieun biro khusus di ditu. Pangneangankeun kantor biro di ditu,” ceuk manehna.

Asa teu karasa sabulan saacana, kuring ge karek balik ti Aceh nu dua tilu poe saacana keuna musiban tsunami.  Nya harita mah, sagala darurat. Kantor kuring biro Aceh beak dilegleg ombak tsunami. Babaturan nu pituin urang ditu ge aya nu jadi korban. Kusabab, kondisina darurat nya harita pas poe-poe awal musibah, saminggu sakali gantian jeung babaturan tugas di Aceh teh.”Lila teuing mah bisa kabawa stress,” ceuk kantor. Teu stress kumaha, unggal poe ninggali pamandangan nu matak muringkak bulu punduk. Bau layon  di mana-mana. Mayit tingsalengkrah nunggan dipulung.  Bangunan naon wae luluh, siga kapas kaibunan. Salila tugas, dahar ge saaya-aya. Paling ge ngeusian beuteung ku mie instan. Sakapeung mun kabeneran ka posko bantuan, sok aya kabeneran nasi goreng kalengan.

Bari jeung haroream, nya kuring ngajawab telepon ti kantor teh ku heeuh-heueuh.. we. Lain haroam ku tugas, tapi na atuh bet datang pas kuring keur liburan jeung barudak. Jalma model kuring mah liburan model kieu teh asa can pasti kacumponan lima tahun sakali. Ceuk paribasa mah, unggal poe indit isuk balik tengah peuting. Jarang papanggih jeung barudak the lain bohong. “Untung barudak teh teu nyalukan Emang  ka bapakna.Balik gawe barudak geus sare, isuk-isuk barudak sakola akang hees keneh,” ceuk pamajikan. Ngaheureuyan. Biasana  mun diomongan kitu teh kuring mah biasana ukur nyarengeh bari ngeukeupan manehna.  Geugeut ka pamajikan nu solehah kabina-bina.

            Pas rek nepi ka tempat parkir hotel, kuring kakarek ngabejaan pamajikan. Kudu ka Aceh isukan, yang. Jadi liburana teu rengse yeuh. “Teu nanaon atuh kang, da lumayan dua dinten ge barudak tos mendakan kabingah. Iraha angkatna?,” ceuk pamajikan. Duh! Keur geulis teh manehna mah pinuh pangartian, kana tugas salaki. Nya barudak mah pas dibejaan peuting eta kudu balik ka Jakarta rada ogo sakeudeung. Dipepende es krim ge repeh.

XXX

            Sabulan ti saprak kuring ninggalkeun Aceh, teu pati aya parobahan nu kaharti di nagari nu kungsi kawentar Sarambi Aceh teh. Saleupas ti bandara Blang Bintang, di daerah Lambaro kuburan massal kalah ngalegaan. Nepi ka dua minggu ti waktu kajadian musibah mah, di dinya ceuk paribasana unggal jam, puluhan mayit diangkut dikuburkeun. Nya dipulasara sabisa-bisa bari jeung sagala darurat ge. Da ngali kuburana ge lain make pacul siga biasana. Tapi nanggo buldozer siga rek nyieun balong.

            Walungan Krueng Aceh lumayan ge geus rada bersih. Teu siga pas waktos kajadian, loba mayit angkleung-angkleungan kabawa caah. Layon  bisa ditarik ka pasisian nya ngan bisa ditumpuk nungguan aya nu ngangkut. Biasana mah sukarelawan, utamina ti pasukan Marinir, sok dibawaan ka kuburan massal model nu di Lambaro tea. Malih mah pasukan Marinir teh katelah disebat Tim Pemburu Hantu sagala.

            Ka pelebah pusat kota ge, sabunderan Masjid Baiturrahman atawa pusat kota ge sarua bae. Can bisa disebut normal. Mun panas ngabetrik, kebul minuhan hawa siga halimun nutupan kota. Matak eungap kana napas. Untung kuring mekel masker. Nya lumayan rada nulungan. Kitu deui sabalikna mun hujan bahe ti langit. Leutak nu tadina geus garing nya dibanjur cihujan mah kalahka tambah jorok. Bau kacida nyelekit kana irung. Di sababaraha tempat, tenda-tenda pengungsian masih pinuh ku pangungsi. Memang aya imah-imah nu dibangun keur penampungan sementara. Tapi alakadarna, teu matak betah sigana mah. Aya nu dijieun tina triplek, aya oge tina bahan deklit, terpal saaya-aya.

            “Asa teu kabayang, ieu kota bakal merenah deui. Siga urut kiamat,” ceuk si Pe’i, sopir nu maturan kuring salila di Aceh. Manehna, jalma pituin Meulaboh eta teh geus apal jeung tabeat kuring atawa batur sakantor. Da unggal tugas ka Aceh, ti saprak operasi militer jaman DOM ((Daerah Operasi Militer) manehna biasa dipake nyupiran. Nya kitu deui, pas pascatsunami nya manehna nu maturan kuring. “Resepan jaman GAM.. aya tegangna. Dibeberik bedil,” gerendeng manehna, waktu ku kuring diajak ka Pendopo Kantor Gubernuran.

            Da waktu jaman DOM mah manehna teh geus biasa kaluar asup leuweung maturan kuring ngaliput operasi militer. Sakapeung mah kungsi, kacegat ku lima urang gorombolan GAM marake loreng, lengkep jeung bedilna di hiji daerah hitam. Mun teu salah mah di Desa Cot Keung, Kecamatan Kota Baru, Kabupaten Aceh. Rada hahaok jelema nu nyegat teh nanya kuring. Rek kamana siah, maneh cantoy (mata-mata) nya?Jeung rea-rea deui pertanyaan nu matak nyorocod tuur. Ngadegdeg oge harita teh. Untung teu ngompol oge. Babacaan mah ti kulhu nepi ka kulhu deui geus dikaluarkeun. Nya si Pe’i nu nulungan teh. Teuing naon nu diomongkeun, da make bahasa Aceh. Nya, mobil kuring kakarek meunang liwat.  Lewat gorombolan, si Pe’ i  bari ngarokok nyerengeh seuri seorang. “Teu ngompol pan Bang?” cenah. Bedul teh!

            Sanajan aya di Aceh, ari pagawaean sapopoe mah digawekeun ke batur kuring nu datangi Medan. Nya ari kuring mah, tugas utamana neangan imah keur kantor biro tea.  Najan kitu lain pagawean gampang. Da kumaha atuh tsunami teh ibaratna ngaratabumikeun sakabeh imah nu aya di Banda Aceh jeung sabudueranana. Enya eta ge ari di daerah Blang Bintang, Lampeunuereut, Mata Ie, Neusu, Katapang ge masih aman. Masih loba imah nu bisa dipuluk.  Nya lolobana mah ngadon mulung muntah. Imah-imah teh loba nu disewakeun ka sukarelawan, boh ti nagri boh ka bangsa urang.

            Tapi duka atuh, da najan aya musibah ge—jeung loba jelema datang rek ngadon nulungan-- harga kontrakan imah di Aceh teh  asa kabina-kabina teuing. Teu kira-kira, harga kontrakan hiji imah teh nepi ka puluhan nepi saratus juta perak sataun!  Malih mah aya hiji lembaga internasional wani nyewa imah di Jalan Sudirman Aceh nepi ka Rp 1,3 miliar sataun. Biasana mah moal sapersapuluhna harga kontrakan teh. Paling Rp 5 juta – Rp 10 juta sataun. Da sababaraha taun katukang kuring ge kungsi ngontrak hiji imah di dekeut Pasar Katapang, masih wajar pisan hargana. Rek saha oge nu nyewa atanapi kontrak keukeuh harga teh teu bisa turun. Kajeun sukarelawan, LSM atanapi badan-badan dunya pokokna daek teu daek kudu mayar nu sakitu mahalna.

            “Neangan imah, Bang? Imah paman kuring rek disewakeun tuh. Tinggali we heula. Soal harga mah gampil,” ceuk hiji pemuda. Harita teh kuring keur jongjon nyedot teh botol. Manehna ngajak sasalaman, bari jeung nyebut ngarana. Abidin. Teu poho manehna mere nomer henpon nu ditulis di kertas urut bungkus rokok.

            “Nya.. engke kuring ningali. Sugan we cocok.” Ceuk kuring bari nyakuan nomer telepon manehna. Biasa, lian manehna loba oge jelema nu nawar-nawarkeun imah ka pendatang teh. Nu sejenna, ngahaja nempel-nempelkeun kertas di tempat-tempat biasa pendatang atanapi sukarelawan ngumpul saperti di pendopo atawa posko-posko bantuan liana.

            Karek poe ka opat, kuring ngahaja ninggali imah paman si Abidin teh. Ayana di hiji kampung deukeut Neusu nu kawentar loba warung kopi Acehna. Najan gede, eta imah gedong teh can jadi pisan. Bagian hareupna can karak dipleseter, can dicet. Ari jerona mah geus lumayan, dipasang karamik. Lalangitna luhur pisan—aya kana opat-lima meter mah. Meureun ngahaja keur ngalawan hawa Aceh nu rada panas, model dayeuh Cirebon. Nya harita ge nu boga imahna, Pak Azhar, nyampak.

             Manehna ngajak kuring nguriling, ningali kondisi imah. Nerangkeun kumaha cara ngahirupkeun kompa cai. Mareuman listrik. “Ieu imah tabungan. Ke mun kuring pangsiun meureun pindah ka ieu imah,” ceuk Pak Azhar, pagawe di hiji instansi. “Tapi duka kumaha atuh, tsunami ngabuyarkeun sagalana,” cek manehna ngagerentes siga ngomong ka dirina sorangan. Beungeutna semu dumareuda.

            Nya kusabab hese pisan neangan kantor samentara jeung hargana nu “wajar” poe eta oge kuring ngajadikeun ngontrak imah manehna. Ngan palebah kuring rek balik manehna ngajak ngobrol, nanyakeun geus aya jalma keur mantuan bersih-bersih imah can, keur nyeuseuh, nyieun kopi.. “Mun kersa, kuring aya alo. Tah manehna boga pembantu. Mun kersa, eta pembantu bisa dipake ku bapak. Ngan manehna embung leupas jeung alo kuring. Mun satuju, kumaha mun alo kuring jeung pembantuna cicing di hiji kamar imah,” manehna nawaran. Imah teh memang rada lega. Aya opat kamar,  dapur ruang tamu jeung ruang kerja. Perlengkapan mebel jeung dapur mah aya alakadarna, ngarana ge imah satengah jadi.

             Der we manehna ngadongeng, alona the salah sahiji korban tsunami. Sakulawarga kabawa caah. Nya ngan manehna jeung pembantuna nu salamet. Cenah mah geus ditawaran cicing di imah manehna, ngan si alo teu daekeun. “Rada teu cocog jeung pamajikan kuring,” cenah. Sanggeus dipikir-pikir pasti ngurus imah lega jeung gawe nu riweuh, butuh pembantu, nya kuring ngidinan. “Soal sabaraha gajihna mah engke ke diomongkeun ka alo kuring atawa pembantuna,” ceuk Pak Azhar. Kuring nyatujuan. Teu poho manehna ngomong, keun we cenah soal lapor ka pengurus RT/RW mah urusan manehna. Kuring mah tarima beres we. Kuring nganuhunkeun.

            Kuring ngontak Jakarta ngabejakeun geus meunang imah keur kantor biro,  butuh naon wae keur kantor biro. Nya sore eta oge kuring pindah ti posko samentara ka imah nu karak dikontrak tea. Lumayan, kampung tempat kuring cicing ayeuna  teu pati kaambeu bau bangke tsunami. Da najan deukeut ka pusat kota, ku sabab rada luhur teu kaganggu ku ngamukna ombak. Ngan dindingna rada bareulah sakedik, kauyag ku lini nu datang saacan tsunami ngagerus daratan. Mun aya masalah paling ge cai. Kuring teu wani nginum cai PDAM, mendingan ngamodal meuli air mineral botolan. Keur mandi ge, ngahaja meuli antiseptik botolan. Unggal rek mandi dicicikeun ka bak mandi. Jadi nu kaambeu teh bau antiseptik lain bau liana nu matak ngabirigidig, Komo mun mandi peuting mah…

            Poe kadua, babaturan tilu urang mairan datang ka kantor anyar tea. Dua babaturan sakantor nu rek ngarintis biro Aceh. Saurang deu bagean TI nu rek menerkeun sagala perlengkepan gawe ti telepon satelit, telepon komputer nepi ka  jaringan internet.

            Poe kaopat,  hiji sore. Kuring karek balik ti Palabuhan Malahayati. Bari ngopi kopi Aceh jeung ngaroko ngahaja peureum-peureum hayam meakeun kacape. “Assalamualakum,” ceuk hiji sora halimpu, Gorenjag, kurig beunta. Hiji mojang, nyerengeh mesem. Buru-buru kuring ngajawab salamna bari nyodorkeun leungeun. Awakna nu jangkung dibungkus ku baju sport bodas. Ka handapna make jins belel. Teu poho mastakana dibungkus ku jilbab bodas. Biwirna siga beureum dalima. Sareret mah, boh beunget boh pangawakana ngingetkeun kuring ka Cut Keke. Selebritis urang Aceh tea. Leuwih geulis malih mah. Si Pe’i mah supir kuring tea, siga ucing garong ningali lauk asin. Matana molotot teu kiceup-kiceup. Untung teu ngacay ge ninggal eta tamu istri teh nu panampilana siga mahasiswi teh.

            Nya teu lila manehna nepangkeun diri. “Hilda,” cenah nyebutkeun ngarana. Ranselna warna hideung, pinuh ku eusina diturunkeun tina tonggongna. Cenah manehna  teh alo Pak Azhar tea. Kuring langsung ngahiap-hiap nitah asup ka jero imah. Hiji deui awewe, nu bareng jeung manehna, sigana mah pembantuna tea, ngilu asup ka imah.

            Sanggeus diuk, kuring nyokot cai kemasan gelas platik nu sanantiasa sadia. Karunya Neng Hilda  teh. Ayeuna manehna, pahatu lalis. Cenah, mah sakulawarga manehna, saindung bapak tos tumpur teu nyesa kateleg musibah tsunami tea. Nya meureun geus tabeat urang ditu, najan kahantem ku musibah ge teu pati kaciri romana. Ceuk hiji pendapat mah, meureun marenehna mah geus biasa sedih, menderita salila DOM jadi pas aya musibah tsunami the mung saalukur pasrah kanu kawasa.

            Siga kasapakatan kuring jeung Pak Azhar, nya Hilda teh nempatin hiji kamar pelebah dapur jeung pembantuna tea. Kuring jeung babaturan biasa ngagero si pembantu the Inong we. Kacida gumbirana, babaturan teh aya pembantu mah. Maraneuhna teu repot teuing mun hayang mie rebus atawa ngopi tengah peuting sambari gawe. Kitu deui, nyeuseuh baju aya nu mantuan ayeuna mah.

            Mun sore, biasana Neng Hilda ngahaja ngajak ngobrol. Saacan musibah, mojang eta teh gawe di hiji kantor asuransi. Teu jarang mun manehna ngadongeng teh, socana ramisak. Utamina mun ngadongeng, babaturana, kaluargana jeung tunangana nu tos teu aya dikieuna. Biasana kuring mah mung ukur ngadengekeun carita manehna we. Nya ari aya waktu, kadang-kadang manehna diajak makan malem jeung babaturan di hiji warung di daerah Ulee Kareeng.

            Sababaraha kali oge, manehna ku kuring diajak gawe ngurilingan Aceh. Diajak naluktik tempat-tempat pangungsian atawa lokasi-lokasi laina.. Ti ujung Lhok Nga, nepi ka Mata Ie, hiji tempat nu hade pamandangana. Pamikir kuring, euweuh salahna ngabrangbrangkeun jalmi tunggara. Kadangkala kuring sok babanyolan atawa ngadongeng kaayan  di Jakarta. Hayang, cenah hiji mangsa manehna ka Jakarta. Gampil ceuk kuring teh, ke kuring dianteur-anteur. Biasana mah manehna sok rada rada rame mun kuring ngadongeng si Kabayan. Lucu cenah, naha enya urang sunda siga si Kabayan kabeh.

            Sok teu ngahaja oge, panon kuring jeung manehna paamprok. Biasana mah manehna langsung tungkul.  Hiji poe kuring ngahaja ngajak manehna, ka Ulee Lheue, hiji daerah pantai nu saacan musibah mah kacida endahna. Saacan musibah mah cenah geus biasa barodak ngora teh sok ngaradon ulin ka dinya. Cenah mah, turis mancanegara ge loba nu ngahaja ulin ka daerah pantai eta. Komo malem minggu mah. Ayeuna mah sagalana rata teu aya sesana. Palabuhan tempat nyebrang ke Pulau Beras ge ngan nyesa tunggulna.

            Pas kuring ngadaweung, Hilda gigireun bari tutunjuk ngadongeng jaman endah manehna. Cenah, sering pisan manehna jeung tunangan ngabrangbrangkeun hate ka daerah ieu teh. Nya saterusna mah manehna ngadongeng sagala we. Seperti biasana, kuring  ngan ngadangukeun bari jeung nanya hiji dua. Teu lila, katinggali soca Hilda teh siga ngarembes baseuh. Kasedih ku ingetan jaman kaendah sigana mah ngahinisan hatena.

            Rada lila, manehna ngisreuk. Mastakana nu rambutna seungit malati, nyandar dina bahu kuring. Leungeuna nu bodas ku kuring dihiap, diusap-usap bari ngubaran kasedih manehna. Tungtungna mah kuring jeung manehna jempling. Ngan gempuran ombak jeung hiuk angin nu tetep ribut.

            Kuring ngorejat, kahudang ku SMS henpon. “Kang, si Aa hayang ditelepon cenah ku bapakna. Jaga kasehatan, barudak jeung indungna mah sarehat. Iraha uih?” Kuring nyerengeh sorangan, euh SMS ti pamajikan. Buru-buru henpon teh disakuan deui. (agushermawan)  


Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008”.

Ha..ha... gaya ya saya
kapilih jadi juara harapan cerita pendek bahasa sunda di internet " “Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008”.
Cerpennya bisa diliiat di  http://galuh-purba.com/kabengbat-di-serambi-mekah-2/
Yang gak ngerti bahasa sunda, boleh tanya saya soal apa cerpen itu... he...
Jadi semangat bikin carpon (cerpen sunda) lagi...


--- On Fri, 8/1/08, DHIPA GALUH <dhipagaluh@yahoo.com> wrote:
From: DHIPA GALUH <dhipagaluh@yahoo.com>
Subject: Wawaran ti Panitia "Hadiah Sastra Bujangga Maya"
To: "Agus Hermawan" <agusher@yahoo.com>
Cc: "Dhipa GALUH" <dhipagaluh@yahoo.com>
Date: Friday, August 1, 2008, 11:21 PM

Kahatur
Sdrk. Agus Hermawan


Assalammu’alaikum Wr.Wb

Mugia kalasametan nyarengan urang salawasna, boh di dunya pon polalagi di
akhérat.
Tipayun ngahaturkeun wilujeng wiréh salira kapilih jadi pinunjul harepan
saémbara ngarang carpon di internét “Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008”.
Pamugi ieu pangajén sing leres-leres janten pamecut kanggo ngagelar karya nu
langkung linuhung.
Sakumaha anu parantos dijangjikeun ku panitia, hadiah langsung dikintun via
rekening, gumantung rekening anu dipibanda ku pangarangna. Kanggo sdrk. Agus
Hermawan, hadiah artos parantos ditransper via Bank BCA, 1 Agustus 2008, tabuh
11: 02 WIB ka rekening atas nami Agus Hermawan, No: 0711465234.
Dina ieu email ogé kasanggakeun piagam “Hadiah Sastra Bujangga Maya”.
Carpon “kabéngbat di Serambi mekah” ku panitia dihibahkeun ka Majalah Seni
Budaya, kalayan nami pangarangna ayeuna mah ditétélakeun, sakaligus nganggo
katerangan yén éta carpon téh pinunjul harepan dina saémbara “Hadiah
Sastra Bujangga Maya”
Pamungkasna, manawi teu kaabotan tur kagungan waktos rinéh, panitia nuhunkeun
sabangsaning “kesan dan pesan” ti sdrk. Agus kana ieu saémbara. Badé
pondok, badé panjang, nyanggakeun baé. Engké éta “kesan-pesan” téh
baris dipidangkeun dina website Galuh-Purba.Com.
Sakitu anu kapihatur. Hapunten tina samudayaning kakirangan panitia ieu
saémbara.

Wassalammu’alaikum wr.wb


Baktosna
M. Sudama