(http://galuh-purba.com/kabengbat-di-serambi-mekah-2/)
Kabengbat di Serambi Mekah
Karek leupas ti parapatan Gegerkalong, pas SMS henpon kuring disada teh. “Sgr hub ktr, penting!” ceuk SMS teh. Keur jalma nu gawena model kuring mah—tukang udar-ider— asa teu aneh meunang SMS kitu teh. Nya teu aneh oge, mun kuring teu pati malire pesen model kitu teh.
Pamajikan nu diuk di gigireun kuring, mairan. “Rek dipangmaoskeun moal?” cenah. Leungeu manehna nu lentik rek ngaraih henpon. Dua budak kuring—hiji jalu umur dalapan taun nu kasep siga bapaknya, nu bungsu awewe
Pamajikan mah imut gelenyu. “Har.. da tugas mah kawajiban atuh,” cenah halimpu. Resep boga pamajikan teh. Tara wani muka SMS mun teu diijinan ku kuring mah. Beda jeung batur, cenah mah, pamajikana sok ngintip SMS salakina. Teu jarang, maranehna salaki pamajikan the parasea ku sabab eusi SMS nu matak pitumburueun.
Harita teh pas liburan barudak semesteran. Nya, kuring maksakeun cuti rek maturan barudak jeung indungna ngisi liburan. Enya, maksa dan rada hese rek nyokot cuti kantor the. Penting-penting teuing mah heunteu, posisi di kantor teh. Ngan nyaeta, sok ngelehan ka batur nu rek cuti. Ari rek maksakeun cuti karunya ka wakil kuring katempuhan pagawean kuring. Nya kusabab geus lila barudak nagih hanyang jalan-jalan ka
Harita sore teh karek balik nyaba tik Gunung Tangkuban Parahu, nu beuki pakusut pamandangana kunu dagang ayeuna. Isuk-isukna ngadon ngojay cihaneut di Ciater. Kamari karek ti Kawah Putih jeung Ranca Upas Ciwidey. Resep ningali barudak jeung indungna nu gumbira kahayangna liburan jeung kuring kacumponan. Kajeun aya dulur ge di Cililin, ngahaja ngadon ngendong di hotel we di Bandung.
Teu lila, henpon kuring ngajerit. Kuring ngaleret nomerna. Nomer kantor. “Angkat atuh, bisi penting,” ceuk pamajikan ngingetkeun. Nya kuring ahirna ngelehan. Henpon teh diangkat. Bedul teh! Bener we, ti ujung telepon pimpinan kantor jojorowokan.
Asa teu karasa sabulan saacana, kuring ge karek balik ti Aceh nu dua tilu poe saacana keuna musiban tsunami. Nya harita mah, sagala darurat. Kantor kuring biro Aceh beak dilegleg ombak tsunami. Babaturan nu pituin urang ditu ge aya nu jadi korban. Kusabab, kondisina darurat nya harita pas poe-poe awal musibah, saminggu sakali gantian jeung babaturan tugas di Aceh teh.”Lila teuing mah bisa kabawa stress,” ceuk kantor. Teu stress kumaha, unggal poe ninggali pamandangan nu matak muringkak bulu punduk. Bau layon di mana-mana. Mayit tingsalengkrah nunggan dipulung. Bangunan naon wae luluh, siga kapas kaibunan. Salila tugas, dahar ge saaya-aya. Paling ge ngeusian beuteung ku mie instan. Sakapeung mun kabeneran ka posko bantuan, sok aya kabeneran nasi goreng kalengan.
Bari jeung haroream, nya kuring ngajawab telepon ti kantor teh ku heeuh-heueuh.. we. Lain haroam ku tugas, tapi na atuh bet datang pas kuring keur liburan jeung barudak. Jalma model kuring mah liburan model kieu teh asa can pasti kacumponan
Pas rek nepi ka tempat parkir hotel, kuring kakarek ngabejaan pamajikan. Kudu ka Aceh isukan, yang. Jadi liburana teu rengse yeuh. “Teu nanaon atuh kang, da lumayan dua dinten ge barudak tos mendakan kabingah. Iraha angkatna?,” ceuk pamajikan. Duh! Keur geulis teh manehna mah pinuh pangartian, kana tugas salaki. Nya barudak mah pas dibejaan peuting eta kudu balik ka
XXX
Sabulan ti saprak kuring ninggalkeun Aceh, teu pati aya parobahan nu kaharti di nagari nu kungsi kawentar Sarambi Aceh teh. Saleupas ti bandara Blang Bintang, di daerah Lambaro kuburan massal kalah ngalegaan. Nepi ka dua minggu ti waktu kajadian musibah mah, di dinya ceuk paribasana unggal jam, puluhan mayit diangkut dikuburkeun. Nya dipulasara sabisa-bisa bari jeung sagala darurat ge. Da ngali kuburana ge lain make pacul siga biasana. Tapi nanggo buldozer siga rek nyieun balong.
Walungan Krueng Aceh lumayan ge geus rada bersih. Teu siga pas waktos kajadian, loba mayit angkleung-angkleungan kabawa caah. Layon bisa ditarik ka pasisian nya ngan bisa ditumpuk nungguan aya nu ngangkut. Biasana mah sukarelawan, utamina ti pasukan Marinir, sok dibawaan ka kuburan massal model nu di Lambaro tea. Malih mah pasukan Marinir teh katelah disebat Tim Pemburu Hantu sagala.
Ka pelebah pusat
“Asa teu kabayang, ieu kota bakal merenah deui. Siga urut kiamat,” ceuk si Pe’i, sopir nu maturan kuring salila di Aceh. Manehna, jalma pituin Meulaboh eta teh geus apal jeung tabeat kuring atawa batur sakantor. Da unggal tugas ka Aceh, ti saprak operasi militer jaman DOM ((Daerah Operasi Militer) manehna biasa dipake nyupiran. Nya kitu deui, pas pascatsunami nya manehna nu maturan kuring. “Resepan jaman GAM.. aya tegangna. Dibeberik bedil,” gerendeng manehna, waktu ku kuring diajak ka Pendopo Kantor Gubernuran.
Da waktu jaman DOM mah manehna teh geus biasa kaluar asup leuweung maturan kuring ngaliput operasi militer. Sakapeung mah kungsi, kacegat ku lima urang gorombolan GAM marake loreng, lengkep jeung bedilna di hiji daerah hitam. Mun teu salah mah di Desa Cot Keung, Kecamatan Kota Baru, Kabupaten Aceh. Rada hahaok jelema nu nyegat teh nanya kuring. Rek kamana siah, maneh cantoy (mata-mata) nya?Jeung rea-rea deui pertanyaan nu matak nyorocod tuur. Ngadegdeg oge harita teh. Untung teu ngompol oge. Babacaan mah ti kulhu nepi ka kulhu deui geus dikaluarkeun. Nya si Pe’i nu nulungan teh. Teuing naon nu diomongkeun, da make bahasa Aceh. Nya, mobil kuring kakarek meunang liwat. Lewat gorombolan, si Pe’ i bari ngarokok nyerengeh seuri seorang. “Teu ngompol pan Bang?” cenah. Bedul teh!
Sanajan aya di Aceh, ari pagawaean sapopoe mah digawekeun ke batur kuring nu datangi
Tapi duka atuh, da najan aya musibah ge—jeung loba jelema datang rek ngadon nulungan-- harga kontrakan imah di Aceh teh asa kabina-kabina teuing. Teu kira-kira, harga kontrakan hiji imah teh nepi ka puluhan nepi saratus juta perak sataun! Malih mah aya hiji lembaga internasional wani nyewa imah di Jalan Sudirman Aceh nepi ka Rp 1,3 miliar sataun. Biasana mah moal sapersapuluhna harga kontrakan teh. Paling Rp 5 juta – Rp 10 juta sataun. Da sababaraha taun katukang kuring ge kungsi ngontrak hiji imah di dekeut Pasar Katapang, masih wajar pisan hargana. Rek saha oge nu nyewa atanapi kontrak keukeuh harga teh teu bisa turun. Kajeun sukarelawan, LSM atanapi badan-badan dunya pokokna daek teu daek kudu mayar nu sakitu mahalna.
“Neangan imah, Bang? Imah paman kuring rek disewakeun tuh. Tinggali we heula. Soal harga mah gampil,” ceuk hiji pemuda. Harita teh kuring keur jongjon nyedot teh botol. Manehna ngajak sasalaman, bari jeung nyebut ngarana. Abidin. Teu poho manehna mere nomer henpon nu ditulis di kertas urut bungkus rokok.
“Nya.. engke kuring ningali. Sugan we cocok.” Ceuk kuring
Karek poe ka opat, kuring ngahaja ninggali imah paman si Abidin teh. Ayana di hiji kampung deukeut Neusu nu kawentar loba warung kopi Acehna. Najan gede, eta imah gedong teh can jadi pisan. Bagian hareupna can karak dipleseter, can dicet. Ari jerona mah geus lumayan, dipasang karamik. Lalangitna luhur pisan—aya kana opat-lima meter mah. Meureun ngahaja keur ngalawan hawa Aceh nu rada panas, model dayeuh
Manehna ngajak kuring nguriling, ningali kondisi imah. Nerangkeun kumaha cara ngahirupkeun kompa cai. Mareuman listrik. “Ieu imah tabungan. Ke mun kuring pangsiun meureun pindah ka ieu imah,” ceuk Pak Azhar, pagawe di hiji instansi. “Tapi duka kumaha atuh, tsunami ngabuyarkeun sagalana,” cek manehna ngagerentes siga ngomong ka dirina sorangan. Beungeutna semu dumareuda.
Nya kusabab hese pisan neangan kantor samentara jeung hargana nu “wajar” poe eta oge kuring ngajadikeun ngontrak imah manehna. Ngan palebah kuring rek balik manehna ngajak ngobrol, nanyakeun geus aya jalma keur mantuan bersih-bersih imah can, keur nyeuseuh, nyieun kopi.. “Mun kersa, kuring aya alo. Tah manehna boga pembantu. Mun kersa, eta pembantu bisa dipake ku bapak. Ngan manehna embung leupas jeung alo kuring. Mun satuju, kumaha mun alo kuring jeung pembantuna cicing di hiji kamar imah,” manehna nawaran. Imah teh memang rada lega. Aya opat kamar, dapur ruang tamu jeung ruang kerja. Perlengkapan mebel jeung dapur mah aya alakadarna, ngarana ge imah satengah jadi.
Der we manehna ngadongeng, alona the salah sahiji korban tsunami. Sakulawarga kabawa caah. Nya ngan manehna jeung pembantuna nu salamet. Cenah mah geus ditawaran cicing di imah manehna, ngan si alo teu daekeun. “Rada teu cocog jeung pamajikan kuring,” cenah. Sanggeus dipikir-pikir pasti ngurus imah lega jeung gawe nu riweuh, butuh pembantu, nya kuring ngidinan. “Soal sabaraha gajihna mah engke ke diomongkeun ka alo kuring atawa pembantuna,” ceuk Pak Azhar. Kuring nyatujuan. Teu poho manehna ngomong, keun we cenah soal lapor ka pengurus RT/RW mah urusan manehna. Kuring mah tarima beres we. Kuring nganuhunkeun.
Kuring ngontak
Poe kadua, babaturan tilu urang mairan datang ka kantor anyar tea. Dua babaturan sakantor nu rek ngarintis biro Aceh. Saurang deu bagean TI nu rek menerkeun sagala perlengkepan gawe ti telepon satelit, telepon komputer nepi ka jaringan internet.
Poe kaopat, hiji sore. Kuring karek balik ti Palabuhan Malahayati.
Nya teu lila manehna nepangkeun diri. “Hilda,” cenah nyebutkeun ngarana. Ranselna warna hideung, pinuh ku eusina diturunkeun tina tonggongna. Cenah manehna teh alo Pak Azhar tea. Kuring langsung ngahiap-hiap nitah asup ka jero imah. Hiji deui awewe, nu bareng jeung manehna, sigana mah pembantuna tea, ngilu asup ka imah.
Sanggeus diuk, kuring nyokot cai kemasan gelas platik nu sanantiasa sadia. Karunya Neng Hilda teh. Ayeuna manehna, pahatu lalis. Cenah, mah sakulawarga manehna, saindung bapak tos tumpur teu nyesa kateleg musibah tsunami tea. Nya meureun geus tabeat urang ditu, najan kahantem ku musibah ge teu pati kaciri romana. Ceuk hiji pendapat mah, meureun marenehna mah geus biasa sedih, menderita salila DOM jadi pas aya musibah tsunami the mung saalukur pasrah kanu kawasa.
Siga kasapakatan kuring jeung Pak Azhar, nya Hilda teh nempatin hiji kamar pelebah dapur jeung pembantuna tea. Kuring jeung babaturan biasa ngagero si pembantu the Inong we. Kacida gumbirana, babaturan teh aya pembantu mah. Maraneuhna teu repot teuing mun hayang mie rebus atawa ngopi tengah peuting sambari gawe. Kitu deui, nyeuseuh baju aya nu mantuan ayeuna mah.
Mun sore, biasana Neng Hilda ngahaja ngajak ngobrol. Saacan musibah, mojang eta teh gawe di hiji kantor asuransi. Teu jarang mun manehna ngadongeng teh, socana ramisak. Utamina mun ngadongeng, babaturana, kaluargana jeung tunangana nu tos teu aya dikieuna. Biasana kuring mah mung ukur ngadengekeun carita manehna we. Nya ari aya waktu, kadang-kadang manehna diajak makan malem jeung babaturan di hiji warung di daerah Ulee Kareeng.
Sababaraha kali oge, manehna ku kuring diajak gawe ngurilingan Aceh. Diajak naluktik tempat-tempat pangungsian atawa lokasi-lokasi laina.. Ti ujung Lhok Nga, nepi ka Mata Ie, hiji tempat nu hade pamandangana. Pamikir kuring, euweuh salahna ngabrangbrangkeun jalmi tunggara. Kadangkala kuring sok babanyolan atawa ngadongeng kaayan di Jakarta. Hayang, cenah hiji mangsa manehna ka Jakarta. Gampil ceuk kuring teh, ke kuring dianteur-anteur. Biasana mah manehna sok rada rada rame mun kuring ngadongeng si Kabayan. Lucu cenah, naha enya urang sunda siga si Kabayan kabeh.
Sok teu ngahaja oge, panon kuring jeung manehna paamprok. Biasana mah manehna langsung tungkul. Hiji poe kuring ngahaja ngajak manehna, ka Ulee Lheue, hiji daerah pantai nu saacan musibah mah kacida endahna. Saacan musibah mah cenah geus biasa barodak ngora teh sok ngaradon ulin ka dinya. Cenah mah, turis mancanegara ge loba nu ngahaja ulin ka daerah pantai eta. Komo malem minggu mah. Ayeuna mah sagalana rata teu aya sesana. Palabuhan tempat nyebrang ke Pulau Beras ge ngan nyesa tunggulna.
Pas kuring ngadaweung, Hilda gigireun bari tutunjuk ngadongeng jaman endah manehna. Cenah, sering pisan manehna jeung tunangan ngabrangbrangkeun hate ka daerah ieu teh. Nya saterusna mah manehna ngadongeng sagala we. Seperti biasana, kuring ngan ngadangukeun bari jeung nanya hiji dua. Teu lila, katinggali soca Hilda teh siga ngarembes baseuh. Kasedih ku ingetan jaman kaendah sigana mah ngahinisan hatena.
Rada lila, manehna ngisreuk. Mastakana nu rambutna seungit malati, nyandar dina bahu kuring. Leungeuna nu bodas ku kuring dihiap, diusap-usap bari ngubaran kasedih manehna. Tungtungna mah kuring jeung manehna jempling. Ngan gempuran ombak jeung hiuk angin nu tetep ribut.
Kuring ngorejat, kahudang ku SMS henpon. “Kang, si Aa hayang ditelepon cenah ku bapakna. Jaga kasehatan, barudak jeung indungna mah sarehat. Iraha uih?” Kuring nyerengeh sorangan, euh SMS ti pamajikan. Buru-buru henpon teh disakuan deui. (agushermawan)
2 comments:
Ada adengan panasnya gak nih??? hi..hi..
adegan panasnya ya adaa dong, pas adegan kompor mbeduk... :)
Post a Comment