Saturday, August 02, 2008

Carpon: Beger Mindo Kabelejog

Carpon lainnya, yang dikirim
http://galuh-purba.com/beger-mindo-kabelejog/

Beger Mindo Kabelejog

            Halimun nutupan biwir gunung. Sakapeung sok ngeleyed ingkah, siga kapas katiup angin. Karasa siga ngagupay. Leuweung di gigir jurang, rehe combrek. Sarupaning tatangkalan ngadon geuneuk matak keueung, Kuring ngancingkeun risleting jaket, ngusir katiris nu nyecep kana sungsum. Baju karasa jibrug. Sapatu karasa belok nincak leutak, nu karak kabanjur hujan. Rada ngagibrig awak katirisan, tapi dikuat-kuatkeun.

            Teu sapira jarak,  di tegal mah sakitar 15 urang jelema—opat di antawisna wanoja—keur maceuh kokorondangan. Kuring nyerengeh na hate. Da beungeut mah angger diserem-seremkeun, meh siga rada galak katinggalina. “Sok terus, tong epes meer!. Pira ge ngarondang sakitu,” ceuk kuring mairan piriwit instruktur nu keur marentah maranehna.

            Harita teh poe katilu, kuring jeung rombongan aya di salah sahiji gawir Gunung Gede. Bedul teh! asa geus lain waktuna kuring meakeun waktu di leuweung model kieu teh. Geus ampir belasan taun katukang ninggalkeun karesep nyungcruk gunung, ngamprak leuweung teh. Baheula mah da tibatan kuliah di kampus mah, kalahka hantem liar ka mana-mana. Unggal gunung atawa leuweung sok rajin didatangan. Ceuk paribasa, kuliah mah kari motokopi  bahan ti babaturan nu rajin. Atuh, mun kuis ge mendingan niron. Ceuk pamikir, kuliah ge euweuh nu aneh. Unggal jelema ngan ngungudag nilei, lain nyileuman hakekat hirup. Beda jeung karesep kuring nu sok ngadon marawanan leuweung, gunung atawa pasisir. Nya karasa pisan, alam teh guru nu euweuh duana. Sagala kaarifan aya di manehna. Sakapeung mun ngagoler tengah peuting: karasa pisan urang teh lain sasaha. Teu sausap-usap ibun acan. Di luhur langin nembrak, ting karetip saukur nyoretkeun kawasa Gusti.

            “Tos beres, kang! Kumaha barudak teh, rek dipiwarang istirahat heula?” ceuk si Deni. Kuring ngarenjag. Lamunan jaman kuliah teh siga disihir leungit saharita.

            “Enyalah, karunya. Geus rek maghrib, Taritah bebersih we heula,” ceuk kuring. Teuing meureun pedah nyaraho gunung jeung leuweung teh kaulinan kuring keur ngora, nya kantor nitah kuring jadi penanggungjawab outbound karyawan anyar. Kabehna aya 15 urang, awewe opatan. Ceuk istilah gayana tea mah, kuring teh jadi Komandan Lapangan. Nya kuring pisan, ceuk paribasana mah, nu ngabodashideungkeun karyawan anyar teh. Tiap karyawan anyar di kantor kuring mah memang kudu ngalaman diaduglajerkeun di wacana outbound. “Meh kompak, meh tahan banting, meh solider jeung siap sagala tantangan,” ceuk pimpinan di kantor, nu kebeneran boga karesep sarua jeung kuring. Nya di sela-sela istirahat, atawa bada isya biasana mah karyawan anyar teh dikumpulkeun, diajak diskusi, jeung lalaunan ngasupkeun “visi jeung misi” parusahaan kuring.

            Dibantuan ku barudak mahasiswa hiji paguron luhur, kuring ngahaja milih eta lokasi. Ngahaja, make mahasiswa da mun ngahaja nyewa lembaga outbound mah biayana mahal. Usul kuring ka kantor sangkan make mahasiswa keur acara-acara outbond teh langsung ditarima. Padahal kuring ge ngahaja make mahasiswa ti kampus kuring baheula. Lumayan, buruhna keur nambah-nambah duit saku maranehna. Geus apal ka modal barudak resep leuleuweungan mah: cekak. Ngan modal legeg, bari jeung dompet mah senen kemis. Keur dahar mah cukup nyatet dina buku bon warung dahar deukeut kampus. Ke mun kiriman datang ti lembur, karak mayar hutang ka warung dahar teh..

            Nya pamajikan ge di imah geus, biasa mun kana tugas kuring ti kantor teh.

            “Ati-ati kang.. geus lain jamana. Tong motah teuing,” ceuk indung barudak bari seuri. Manehna mah sok ngahaja ocon. Kadang-kadang mah sok nangtang, cik cenah push-up bari ngakod si cikal bisa teu? Geus apal, apan keur jaman bobogohan jeung manehna mah, rangsel karak 30 kg di tonggong mah teu karasa nanaon. Push up

 

make ramo ge asa heureuy. Ari dioconan kitu mah, kuring sok nitah si Cikal nu meujeuhna bangor, kelas 1 SD, titah naek kana tonggong. Ari maksud mah ngagaya rek push up bari ngakod budak… tungtungna mah kalah mumundingan. Mun geus kitu mah pamajikan sok ngekey seuri. Keun cenah meh Akang sadar, geus umuran. Budak geus dua, nu bungsu karek asup ka TK taun kamari.

XXX

            Ngarana ge mata lalaki. Carita basi.

            Sok biasa, najan geus buntutan dua ge ari ningali wanoja mah sok rada mureleng mata teh. “Tong cunihin, era ku barudak,” biasana pamajikan sok ngingetan. Boh keur nyetir, atawa jalan-jalan di mal mun ninggali wanoja herang teh sok molotot. Siga ucing garong ninggali pais lauk.Geus apal jikan  mah, sababaraha kali dibaeudan ku babaturan awewe kuring. Naha judes babaturan teh ka abdi, kunaon nya kang,” biasana mah. Kuring biasana nyerengeh, “Maklum, manehna baheula bogoheun ka akang,”. Mun kitu mah biasana si geulis teh imut ngagelenyu, “Benten, pria idaman mah,” cenah.

            Geus tabeat meureun. Untungna pamajikan teh rada surti. Tara ngajak cekcok, biasana mah ngan ukur ngingetan mun katingali kuring siga beger teh. Ceuk manehna, saumur kuring mah biasa deui beger mindo. “Dina istilah psikologina mah apan umur urang teh nu disebat middle age crisis tea Kang,” Cenah, ceuk manehna deui, tah dina saumur kuring oge terus pegatna laki rabi diuji. Matakan, loba jelema papirak dina umur-umur 40-50 tahun. Saharita, si lalaki biasana keur meujeuhna mapan. Pagawean alus kalawan gaji lumayan. Mobil, imah boga. Awak keur meujeuhna kondisi puncak. (Komo awak model kuring mah da kajeun teu pati beurat model jaman ngora, ari fisik mah angger diingu. Saminggu opat kali sok rajin ka pusat kabugaran. Poe Sabtu Minggu ngahaja maen tenes di komplek jeung tatangga.)

            Tah sabalikna, di pihak awewe. Loba pisan wanoja nu ngincer-ngincer batur hirup model kuring: gawe mapan, gaji gede, imah jeung mobil ge aya. Lain soal materalistis, tapi da hirup jaman kiwari mah teu cukup saukur ngandelkeun cinta mah. “Mangga tuang tah cinta, beuteung kukulibekan mah” biasana kuring ngaheureuyan batur nu masih ngandelkeun saukur cinta keur neangan pamajikan. Komo apal meureun di kota gede mah, loba pisan awewe nu mere lampu hejo ka lalaki model kuring mah. “Moal atuh Bu. Enya era ku si Aa jeung Si Teteh.. Komo ku emana mah, moal aya duana di dunya,” kuring sok nembalan mun pamajikan ngingetan puber kadua teh.

            Tapi omongan kitu teh, ngan ukur di biwir kuring. Kaandel salila baseuh biwir. Geus garing mah, komo tonggongeun pamajikan mah, rumasa kalakuan teh purunyus.

            “Reseplah ninggal Erna teh. Trangginas, sigana mah mun teras didamel bareng akang bakal enggal naek karirna,” ceuk kuring, wanci istirahat program outbound ka Erna, salah sahiji karyawan anyar nu ngiluan program outbound tea. Ari nu diajak ngobrol, ngagelenyu maledog seuri. Biasa, di sela-sela istirahat, kuring jeung instruktur lainna biasana ngajak karyawan anyar ngobrol ngaler ngidul.

            Ari inget dedeg pamadagna Erna, matak sare hese reup, dahar hese am lalaki nu nenjo. Jangkung ngalempay, rambut sabahu. Biwir beureum semu baseuh. Kulit mah hejo carulang. Panon mencrang matak serab. Komo palebah dada mah matak sesek napas jelema nu pikirana kiruh. Teu cukup kitu, kayungyun Erna mah. Geulis campernik, tapi pinter jeung someah. Sok matak betah nu diajak ngobrol. Sok matak guligah hate nu bungah.

            Teu pira, saminggu balik deui ka kasibukan kantor. Outbound teh beres. Kuring asa raket bae jeung Erna teh. Sakapeung janjian ngadon dahar bareng. Najan hiji pausahaan da divisina mah lain. Jadi tara pati mending papanggih jeung manehna. Mun teu nelepon, kuring sok nga-SMS manehna. “Tuh bulan, buleud nyongcorang. Mangga tepang hate akang di awang-awang,”ceuk hiji SMS kuring ka manehna. Mun peuting sok susulumputan ti pamajikan ngirim SMS. Ngahaja sok make kata-kata siga sajak, atawa puisi nu sabanerna mah ngarayu. Heuheuy deudeuh, rarasaaan teh siga budak keur diajar bobogohan wae. Hate the sok asa ngapung mun manehna males SMS kuring. “Kang, guligah rasa hese sare…” cenah. Digero Akang teh, hate sok ngagereteg. Padahal meureun Erna the hese sare sabab loba reungit atawa hareudang. Nya mun keur muka internet, sok ngahaja ngoconan manehna bari chatting tea. Sakapeung mah omongan teh sok mipir-mipir cunihin, ngajak-ngajak nu teu uni.

            Duka ngalayanan kuring atawa Erna teh awewe pipujieun embung nganyerikeun hate batur. Boh kuring telepon atawa SMS teu weleh dijawab. Bahasana tara garihal, tetap handap asor. Nadana nyobat pisan, matak kuring kabungbulengan.

            Peuting ieu kuring rek balaka ka pamajikan. Beungeut asa tilelep kana leutak. Euwuh rupana, beak ku era paradah. Tadi sore saacan bubaran kantor kuring digero pimpinan. “Gancang ka ruangan kuring, Wan. Ieu aya salaki Erna. Aya masalah nu kedah dibereskeun cenah jeung Pak Wawan,” ceunah. Kuring ngagebeg: kutan Erna geus laki rabi.. SMS kuring di henpon Erna katohyan dibaca ku salakina. (agushermawan)

 

           

 

           

 


No comments: